Sabtu, 30 Mei 2015

catatan teman(bahasa sunda)



kanikmatan dunya mineng nyaliksik dina impi nyaksrak dilamunan
ngan ulah nepi kahayang salin jinis jadi kasarakahan
ngahalakeun sagala cara sangkan laksana
teu malire batur nu nyeri hate
dulur dianggap lapur
baraya dirasa teu aya
mun dasamuka geus ngajanggelek dina hate
moal nya'ah ningali nususah
tega nganiaya nu teu daya
telenges nyaan taya rasa kamanusaan
teu apal mana hak sorangan mana hak nu lian
teu paduli aya diri nu nandangan kanyeri
galindeng kadunyaan endah kadanguna,
dihaleuangan ku kawih kawih kasenangan
teu sadar urang teh di papag ku gawir
nu eusina cucuk kasangsaraan jeung leutak kahinaan
moal salilana urang teh dialam dunya
kiwari beuki deukuet wanci awak dibungkus tur dibeungkeut
istighfar panungtun urang mun keur nyasar
dzikir ngageuingkeun diri dimangsa teu bisa mikir
Mugiya urang kalebet golongan jalmi nu bersyukur
∕̴aminn Ya Robballalamin°°˚•.‧::‧•˚,.







Jangkung can tangtu luhur,

sabab adigung jadi adiguna

pendek can tangtu di handap

sabab handap asor ngajadi riksa diri

prajurit can tangtu borangan

sabab pangkat ngalengkahan darajat sinatria

gumilap can tangtu inten

sabab mata katipu patamorgana

cahaya can tangtu nyerabkeun

sabab sorotna anu ngajadikeun caang

adiguna can tangtu beurat beunghar

sabab palsu nipu amisna dunya

tapakur lain hartina hina

sabab hakekat jelema memang teu boga

hebat can tangtu dasyat

sabab bisa oge hiri dengki

kalem can tangtu cicingeun

sabab saha nu nyahoo jadi jawara

seuri can tangtu senang

sabab bisa nipu jeung kapaksa

haru can tangtu cai mata..

sabab ikhlas jeung tulus ngalakonan harepan

kabagjaan lain keur urang nu resep gogoleran
kasenangan lain keur urang nu ngeunah gegelehean
tapi keur jalma nu satekah polah nyiapkeun dirina
sangkan siap narima anugerah kasenangan ti gusti Allah
nu teu nyaho rek iraha datangna

mun urang geus nincak kana bagja
sing inget,... kabagjaan teh lir langlayangan
kudu dikenyang, di uluran
tur kudu ngarti kamana angin lumpatna
ngarah angger bisa ngapung,
pelebah dina hiji wanci kasenangan ninggalkeun urang,..
sing sabar,,.... urang teh lahir teu dibungkus benang salembar oge
saenya na sagala nu aya di dunya ieu teh kagungan-Na
salengkah dua lengkah ningali kaluhur,
nyawang harepan jeung cita cita
salengkah dua lengkah urang ge kudu ningali kahandap
di ajar syukur tur qona'ah narima sagala nu tumiba kana diri
Insya Allah,.....




sang penulis


Tidak ada komentar:

Posting Komentar